Masih kénéh ngelemeng dina juru panon nu beulah katuhu. Budak téh lumpat sakalumpat lampétna bari ceurik ngabangingik jeung gugupay. Sakedapan ngarandeg tuluy lumpat ngudag mobil nu mawa kuring bari teu leupas ngucek-ngucek matana.
“Deudeuh teuing anaking, ibu kudu miang, indit ninggalkeun anjeun jeung nini anjeun. Jauh, unggah gunung turun gunung meuntas sagara keur nyiar kahirupan.” Kitu gunam haté sajajalan, ngupahan manéh bari ngusapan gambar budak nu keur lumpat dina juru panon beulah katuhu.
“Keun engké jaga”, ceukeng bari nguniang ngucek-ngucek panon,” ibu pasti balik deui néang hidep, rek sagala dibawa pikeun hidep sakola.” Nyéh kuring seuri sorangan jiga nu endag otak “Ujang téh hayang jadi polisi, lain?” Tuluy ngabayangkeun budak nu keur lulumpatan di pakarangan “Lain geuning, ujang mah sok gagah lamun nyarupakeun kalakukan polisi di jalan nu keur ngatur tali marga bari niup piriwit téh? Priit,..emh,” Nyéh deui seuri sorangan “Isuk géto ujang pasti bisa sakola jiga batur. Diseragam, jiga pulisi bari ngagandong kantong.”
Ari ras yén kuring téh keur di jalan bari jeung taya sasaha.
“Duh, anaking, hampura ibu kudu miang ninggalkeun hidep.”
Kitu gerentes haté sajajalan, tapi saeutik gé teu malikkeun beungeut keur sakadar neuteup atawa ngadadahan budak. Haté geus buleud rek digawé. Rék nyiar kasab keur manéhna. Heueuh keur manéhna. Teu soteh malik lain pédah rék téga ninggalkeun budak nu keur meujeuhna lucu, meujeuhna digulang gapér diciuman. Tapi geus kabayang ti anggalna lamun kuring malik moal henteu pasti aya balong cimata anu bedah. Geus pasti kuring hayang lumpat tina mobil muru ngagabrug manéhna. Keun, kuring ngupahan manéh, da indit téh lain keur saha, da miang teh lain keur aing.
Indit téh nagahaja teu susulumputan. Ambéh manéhna teu ngarasa dibobodo.
Méméh indit, budak téh dimandian jeung dibajuan ku baju karesepna heula. Kaluhurna kaos konéng, ka handapna calana pondok lépis. Mun kitu pasti kaimplengna arék dibawa nyaba. Da kitu biasana, rék nyaba mah sok dibajuan anu éta, kojona. Baju meunang lebaran mangkukna, basa salaki aya dikieuna.
Matak kitu geus kabayang, manéhna pasti ngadat, hayang ngilu. Tapi da kahayang kuring mah, lamun ninggalkeun manéhna téh, kuring yakin manéhna dina kaayan nu panghadéna. Séhat jeung jagjag. Keun ngadat sakedap mah asal tong nyideum cap yén kuring tukang ngabobodo. Indung nu kabur, lumpat ngajanggilek tina tanggung-jawab.
Kasép budak téh ceplés ka salaki, gerentes kuring basa leungeun nyisiran buukna anu hideung gomplok. Bray, kelemeng mangsa-mangsa katukang, basa salaki aya kénéh. Mangsa nu pinuh ku kaéndahan jeung kahéman.
“Budak téh kahayang duaan,” gerentes haté bari ngarérét kana ranjang tempat kuring jeung salaki mudalkeun birahi. Tuluy budak téh ditangkeup, diangseuan sakujur awakna. Nyambuang bau kélék salaki, taneuh kahujanan, leutak hanyir belut, jeung daging kaduruk.
***
“Uing indit!” Ceuk salaki. Ngingkig jeung légég. Dina cangkéngna ngabeulit bubu keur wadah belut. Gagah katingalina, sok ngarasa reueus ka salaki pon kitu deui ka diri sorangan nu asa panggeulisna pédah bias meunangkeun manehna. Ngan harita mémang asa aya nu euweuh. Salaki téh teu ngakod kas tempat manéhna biasa nyimpen aki jeung lilitan setrum.
“Teu perelu deui ayeuna mah,” Ceuk salaki tapis, légég pisan bari nunjuk kana gulungan kabel nu ngarumpuyuk gigireun hawu waktu kuring léléndéan dina lahunanana.
“Ku éta mah geus teu kudu deui sutram-setrum, Nyi. Teu kudu deui ngingkig ka lebak. Kari cantelkeun. Belut pasti laluncatan.” Ceunah bari ngaburakeun haseup roko tina sungutna. Kuring ukur bisa seuri konéng. Teu ngarti. Rék ku setruman nu biasa nangkod na tonggongna atawa ku setrum nu cenah rék nyokot SUTéT gé pék téh teuing. Kuring teu ngarti kana carana. Kuring mah ukur nyaho hasil, asal manéhna balik mawa belut cing loba keur iangeun ka pasar atawa ditatawarkeun ka tatangga, éta artina cara nu hadé.
***
Barakatak budak téh seuri, rangu pisan. Khas manéhna, khas bapana. Meureun asa diélékéték. Jiga pisan bapana budak téh, gétékan. Teu kaop karampa beuteungna. Jadi hayang tuluy ngagaléntoran, hayang tuluy nyeuseup beuheungna jeung pipina. Hayang tuluy nyeuseup kembang kenangan nu ditinggalkeun salaki dina diri manéhna.
Heup, kuring eureun ngagaléntoran budak, nyuksruk-nyuksrukeun beungeut kana beuteungna. Geus kaimpleng, lamun tuluy-tuluyan kitu. Ieu suku geus pasti moal bisa nangtung, leumpang tandang ninggalkeun manéhna. Sakuat tanaga kuring nahan cimata nu ampir-ampiran mudal.
Budak téh enya asa beuki kasép, asa beuki surup ka salaki.
Da enya, haté ngeleketey nalika ningali budak ngapay-ngapaykeun pananganna hayang diais. Rasa mangmang nyaliara sakujur tubuh tapi tuluy disinglar. Gura-giru nyamber koper tuluy masrahkeun budak ka ninina nu titadi ngajanteng dina panto, teu nyoara. Teu ngahalang-halang ogé teu ngahenjigkeun. Ngabetem ngaragameneng, meureun ngarampa pangawak awéwé nu geus kolot bari euweuh pangaboga. Teu bisa kukumaha.
Pan sidik ngan kuring hiji-hijina budakna. Ari bapa apanan geus tilar dunya ti bar!to og!. Hirup ema ngandelkeun dititah batur, teu sirikna dialas parab ku batur. Teu boga titinggal saeutikt ogé. Teu sawah teu kebon pon kitu deui huma.
Tah dina punduk kuring, dua jiwa nu ayeuna nu ditinggalkeun téh ngagantungkeun hirupna. Jadi, euweuh deui alesan keur ngeureunkeun léngkah. Di kota mah geus nyampak sagalana.
“Duit mah pabalatak kari ngarawu,” kitu ceuk si Entin gé hiji mangsa, tatangga kuring nu sok mawa gawé awéwé-awéwé urang lembur.
“Loba,” cenah, “pakasaban di kota mah. Rék hayang jadi naon ogé bisa.” Bari pelenyun haseup kaluar tina sungutna.
Tah ayeuna, tujuan téh rék ka taeun si Entin. Alamatna geus aya dina saku. Moal bireuk, cenah,ceuk si Entin ogé, néang alamat manéhna mah. Ditanyakeun ka supir beus di terminal ogé pasti apaleun. Tapi lamun geus tepi di alamat, manéhna omat-omatan tong sakali-kali néangan nu ngaran Entin da geus pasti moal pada apal. Tapi, tanyakeun wéh ngaran Tina. Kitu cenah papadon ti manéhna.
***
Kalangkang budak ayeuna ngelemeng deui dina juru panon beulah katuhu. Rambay cipanon, gugupay jeung nyebut-nyebut ngaran kuring. Ti tukangeunna, ninina memetot kaos konéngna.
Tuh tingali, geus ngemeng deui cai dina juru panon ngahalangan tina bisa ningali budak. Enya ogé nyarita rek gilig ninggalkeun, tapi nu disebutna pangrasa awéwé moal bisa dibobodo.
***
Di kota. Panonpoé geus meujeuhna aya di béh kulon. Lohor geus kalangsud, ashar pon kitu deui geus kaliwat. Alamat si Entin téh enya gampang ditéang. Kari nanya supir beus, ari di hareupeun gangna nanya ka tukang béca. Gampang, enya gampang pisan matak jorojoy reueus ka manéhna. Ceuk saha di kota hésé rek tatanya? Tuh geuning tukang béca gé teu ieuh loba ngabantah, teu masang beungeut haseum. Estuning soméah hadé ka sémah. Teu hésé nunjukkeun imah babaturan téa.
Ku tukang béca kuring dianteurkeun pas kana panto imah si Entin. Imahna téh ti hareupna mah leutik tapi ari geus asup ka jero mah loba pisan rohangan jeung kamar-kamar ukur mahi keur duaan. Sumpal-sempil laleutik. Si Entin mah nempatan kamar pang tungtungna.
Ari barang ningali kuring, si Entin nu keur mulas beungeut langsung ngecagkeun wedak nu ditampeuan ku beungeutna tuluy muru kuring nu ngajanteng dina panto. Geus kitu mawa kuring sina diuk dina biwir ranjang. Tapi manéhna teu maturan kuring diuk.
“Sok diuk heula didinya, ké tétéh rék ka si Mamih heula.” Ceunah. Si Entin ngaétéhkeun manéh.
Kuring teu ngawalon, tapi ngarasa héran ningali roman si Entin nu semu reuwas ningali kuring.
Sanggeus nitah diuk, si Entin jung indit muru ka hareup imah, ka hiji rohangan nu rada gédé. Hiji rohangan nu pinuh ku photo awéwé gareulis tapi dangdanna numutkeun kuring mah asa rada leuwih. Awéwé-awéwé nu maké baju rada kabuka atawa mémang ngahaja dibukakeun. Kuring ngarampa dada, waktu inget kungsi ningali photo di salah sahiji juru rohangan éta nu buligir beulah luhurna. Iiiyyy, teu karasa kuring ngabirigidig.
Wanci sareupna nincak maghrib. Sakeudeung deui sakadang poék datang ngerekeb.
Ti kajauhna, kadéngé sora nu ngaji. Jigana ti masjid gédé. Hawar-hawar, asa inget ka indung nu sok ngaji unggal peuting, bada isya bari mépéndé budak.
“Sugan ari dipéréndé ku ngaji mah, budak téh jadi budak nu soléh, bisa ngajait indung bapana, mangmukakeun lawang sawarga.” Kitu ceuk indung dina hiji mangsa bari ngusapan pipi budak nu geus peureum dina lahunanna.
Sora nu ngaji masih kéneh kadéngé, tapi ayeuna mah geus kasilep ku sora dangdut ti rohangan gédé tempat si Entin tadi muru kadinya.
“Cinta satu malam oh indahnya, cinta satu malam oh indahnya..,” cenah ceuk sora hiji awéwé di kamar sabeulaheun kamar si Entin nuturkeun sora biduan tina tip bari tuluy seuri cicirihilan ditimpal ku sora awéwé nu séjén.
“Aneh,” gerentes hté bari ngurilingkeun panon kana tiap juru kamar. Beuki poék téh asa beuki ramé.
Sabot kitu, si Entin geus aya dina panto. Manéhna leumpang ngadeukeutan tuluy ngilu diuk jeung kuring dina dipan nu ngan mah keur saurangeun.Rada halon manéhna nyarita.
“Néng, ieu duit. Tarima!” cenah bari nyecebkeun duit kana leungeun kuring tuluy dikeupeulkeun.
Tacan gé béak kahéran, si Entin nyarita deui.
“Ayeuna mah jung balik deui ka lembur, éta duit mah cokot wé. Méré.” Ceunah.
Kuring masih kénéh héran, tuluy rék nyoba nanya, manéhna geus nyarita deui.
“Geus wé balik deui ayeuna mah. Tong nawalang. Meungpeung can peuting teuing. Meungpeung can loba jelema nu datang,” cenah bari ngodongkang nyokot kantong kuring nu ngagoler dina suku laju disimpen kana lahunan kuring
.
“Tadi aya telepon ti Kang Dade, naha bet ku téga?” Lajuna, panonna mencrong nyeceb kana haté. Jiga nu rék ngorowék eusi haté.
Teu kaharti. Sama sakali teu kaharti. Matak kitu, sarua, panon kuring ogé mencrong nyeceb kana haté jeung pikiranna. Hayang ngotéktak naon kahayangna.
Naha bet ku tega? Téga belah manana? Téga ka saha? Ka indung, ka budak nu hiji-hijina? Apan kuring indit téh lain mélaan diri sorangan? Mungguhing rék bela ka dua urang nu ayeuna naagkodkeun nasib dina tonggong kuring. Lain rék senang-senang aing tandang téh, pan?
Semu nu maksa, si Entin ngahudangkeun awak kuring tuluy dibopong kaluar kamar, nyusur gang dina imah éta. Kuring nurut teu loba baha masing ngagulidag haying nanya ogé. Suku jeung sawak-awak asa disihir.
Geus diluar si Entin nyalukan tukang béca.
“Pang mawakeun ka terminal,” paréntahna ka tukang béca. “Pastikeun naék beus. Ieu ongkosna jeung duit keur ongkos beusna. Bikeun langsung ka kénékna. Montong balik deui méméh beusna mangkat. Ngarti?” cenah papadon ka tukang béca jiga dunungan nu kuat kawasana.
***
Sajajalan néang jawab, kunaon si Entin kalahka nitah kuring balik deui? Sasatna bari jeung ngusir. Apan manéhna sorangan nu tiheula ngajakan kuring ngilu ka kota téh, bari ngumbar jangji? Ari ayeuna geus di kota kalahka nitah balik deui, jaba semu nu ngusir. Emh, tiheula mah enya nolak téh da aya kénéh salaki jeung da apal naon pagawéanana. Tukang surabi haneut. Tapi keun baé jadi tukang surabi haneut ge ayeuna mah. Kuring ayeuna mah geus gilig ngudar sagala nu ngbeulit diri.
***
Ayeuna mah pan salaki geus garing ngababatang di tengah sawah, dina peuting nu simpé. Sorangan, handapeun SUTET. Jadi, euweuh deui alesan keur ngajaga kahormatan. Ah, kahormatan boa nu saha? Mangkeluk-mangkeluk jiga kuring sakulawarga mah geus teu butuh naon anu disebut kahormatan. Lamun enya kahormatan bisa diliwet mah enya butuh. Kitu gerentes haté nganaha-naha kalakuan si Entin.
“Atawa meureun si Entin téh ngarasa wirang kadatangan kuring? Randa, boga anak hiji bari jeung layu. Hésé dioméanana?” Kitu gerentes kuring bari ngarampaan kulit, beungeut.
“Emh, da enya geuning, jigana geus moal aya deui lalaki nu kagoda ningali waruga nu péot teu sirikna tinggal kulit jeung tulang. Panon cekung pipi kemong?”
Tukang béca masih kénéh ngungkug di tukang, ngaboséh
.
Awak disarandékeun ngararasakeun kalungsé balas perjalanan sapoé jeput. Panon mencrong ka hareup tapi teu puguh titingalian. Sagala nu datang ukur bisa ngolébat. Sora klakson, nu seuri, gumuruh knalpot, nu ngagorowok, nu ngagoak ngan bisa jadi sora nu teu béda ti sora radio butut, hiji-hijina pakaya nu ngajugrug dina lomari salah frekuensi. Ngaguruh, ngagorokgok.
***
Duit ti si Entin masih kénéh dikeukeuweuk. Baseuh dina leungeun. Leng, sirah karasa muter. Masih nyiar jawaban kalakukan si Entin. Datang ka kota téh lain rék baramaén, ceuk haté, lain rék ménta derma jeung dagang kanyeri. Lain. Tapi rék digawé. Lamun enya boga duit, kuduna ladang kesang sorangan lain ladang paméré. Datang ka kota rék meruhkeun pangabisa. Ari ngagéol saeutik, ngahégak jiga ceuk si Entin mah kuring gé bisa.
Teu karasa, aya nu ngalémbéréh kana pipi, haneut. Inget ka budak titinggal salaki. Meunang ngagéol duaan. Kahayang jeung cita-cita duaan.
Anaking jimat awaking. Dina dirina ngandung pangharepan kuring duaan. Matak kitu dingaranan Indra. Ceunah ambéh usaha salaki nu tukang ngala belut téh bisa loba mujurna. Apan Indra téh dewa hujan?
Harita, wanci sareupna, hujan kakara raat, waktu salaki indit ngagidig ka tebéh wétan. Tempat dimana ngapyak pangharepan.
“Saleupasna hujan, disaksian opat belas bulan,” kitu salaki cumarita, “karajaan belut ngayakeun hajat gedé. Moal henteu, pasti kalaluar tina liang-liang. Loba pisan. Kari nyecebkeun ieu beusi,” cenah bari ngangkat gagang beusi ngawang-ngawang ka langit.
“Pasti tinggeleper. Moal hiji, dua, tilu. Sakali ceceb, bisa ngageleper puluhan belut. Tungguan saheulaanan, sina leuleus. Hahhaha…Geus leuleus mah kari nyokotan.” Ceunah tapis pisan bari ngembang pangharepan dina biwirna. Panonna neuteup panon kuring, tuluy neuteup budak nu masih kénéh ngagantél dina susu.
Aya rénghap nu nyedek. Karasa, éta teuteup téh jiga nu anggang bakal katéang.
***
Isukna, rebun-rebun. Suku geus nincak deui buruan imah nu tiis. Lembur téh asa ku tiiseun pisan. Hayam gé asa teu pati ramé kongkorongok. Teu béda ti kaayaan waktu salaki kapanggih ngabugang di tengah sawah. Garing sakujur badan, kaduruk setrum nu ngalir kana kabel dina leungeunna nu dipaké keur nyetrum belut.
Enya teu béda ti harita.
Mana budak téh? Biasana geus ngulampreng di buruan, das ok ngahaja dihudangkeun ku ninina sina maturan solat subuh. Boa dibawa ka sawah ku ninina, kitu? Pikir kuring inget yén ayeuna mangsana tandur di sawahna Haji Kurdi. Emh, meureun enya? Da mangkukna ogé kadéngé H. Kurdi nyalukan ema.
Tapi asa ku sepi-sepi teuing? Laju éta? Kunaon bet aya kélébét konéng dina pager awi nu doyong? Jiga kélébét konéng nu kungsi dipasang nalika salaki dimandian jeung disholatkeun. Ah, paling ogé dipaké ulin ku budak basa kamari. Da kélébét teh ngahaja teu dipiceun, tapi disimpen dina lomari. Keur sakalieun lamun nineung ka salaki sok diseuseupan, da sidik éta hiji-hijina titinggal.
Karasa aya nu lalaunan nyiwitan haté. Sakeudeung-sakeudeung haharéwos ngdalkeun kaham-ham. Tapi ah tuluy disinglar, tuluy ditapis, dibalédogkeun diwalang-walang. Lamun enya ogé, bias jadi éta kélébét téh, meureun, kamari kapanggih ku budak nyempil dina lomari? Meureun dipaké ulin ku budak? Ah, dasar budak, naon baé bisa dipake ulin, gerentes haté bari seuri hambar, hayang nyingraykeun pikiran anéh nu ngajurig dina sirah.
Deudeuh teuing anak aing, ayeuna ibu balik deui meunggaskeun pangharepan. Pangharepan hidep jeung ibu urang ruang cing jero, cag. Awak ibu geuning, hiji-hijina modal nu dipiboga ku ibu keur anjeun nanjeurkeun cita-cita. Geus teu payu. Bro-boro ditingali, diangseu ogé kalahka geuleuheun batur. Haté ngangres.
Kalangkang budak sakali deui ngelemeng dina juru panon beulah katuhu. Lumpat sakalumpat lampét bari ceurik jeung gugupay, ngudag mobil nu mawa kuring. Ngolébat dina sirah. Nyéh, kuring seuri, ngabayangkeun budak nu seuri, gugupay bari nyepeng kélébét konéng éta. Dikaos konéng jeung dicalana pondok lépis kojona.
Rupa budak nu pangkasépna ngabelegedeg nampeu hareupeun.
Tuluy kélébét téh dicabut tina pager, diseuseup rada jero. Kaangseu bau kamper. Seungitna anyar meunang mawurkeun.
Karasa aya leungeun, tiis, ngusap tonggong. Leungeun indung.
“Naha bet ku téga ari silaing?” ceuk indung, sorana dumareuda tapak ceurik. Pertanyaan nu anéh eta kadéngé deui.
Kuring malik. Naha bet ku téga?
“Tuh tingali kalakuan silaing. Budak geus dikuburkeun di pipir gédéngeun bapana. Geus teu butuheun deui ku sia. Rék mélaan naon deui ayeuna? Indung nanahaon ari silaing?”
“Tisolédat, nyi, lebah taneuh beureum. Lebah tanjakan, jaba urut hujan. Ngagulutuk ka handap. Ari ti handap, motor Mang Isro laju ngebut, Nyi, ngebat tanjakan teu ningalieun aya budak tikusruk gugulutukan.”
Teu laju indung cumaritana kaburu ngagabrug awak kuring nu ngeleketey. Bumi alam asa runtuh. Budak téh ngelemeng deui dina juru panon beulah katuhu. Lumpat sakalumpat lampét bari ceurik jeung gugupay ngelébétkeun kaén konéng.
SIB, 11 Nopémber 2010
Tidak ada komentar:
Posting Komentar